Yeuh kisah si panjul galaw. pan pertama tama teh tina permainan TRUTH OR DARE tea geningan anu bieu disebutkeun (wayahna heueuh jeung urg mah nyunda,gunakan bahasa daerah mu mameen haha) lanjut ah..
tah pas kabagean si ayun. spontan si jul nanya. "ayun yang kamu suka di kelas ini siapa?" wah eta mah euy kabeh lalaki berdebar, mun istilah smash na mah cenat cenut tah. tapi urg nomong kieu "mun nanya kieu mah pasti menimbulkan perpecahan" eh si eja nembalan "si andy mah hanyang dipilih ngan embung dipusuhan" (tapi bener oge sih hahaha teu ketang apan urg mah dinda x-7) terus si ayun teh lila tea gening palarak-pelirik polohak-polohok nangtung diuk,diuk nangtung. gs kapikiran meren. tah diuk weh terus bebeja weh si **** (anu jelas mah lain andy) wah benget teh kabeh kecewa weeh. komo si panjul mah. kitu teh nggesan weh da aya guru tea. dariuk weh. maen deui weh tapi ayeuna mah anu ngiluan sakelaseun euy jadi lamun ditanya anu rada buka bukaan teh era weeh.
cerita na mah geus bel balik ieu teh. panjul anu biasana ngendog di kelas alias cicing palinglia eeeeeeeh tumben balik na gancang. tapi da urg apal sih kunaon. nya ngges we dibaturan balik.di poe anu sarua teh si jul kapilih jadi tim putsal all star tapi teuing kunaon si eta eweh ekspresi mamen. eh pas pelajaran b inggris dinu poe sarua ge si eta cicing wae. ngolomohan pensil, pulpen rorokoan make sisir si ayun anu gs potong ah pokona mah gelo weh lah. tah cerita na mah gs balik weh heueuh. aslina si panjul mawa motor kawas jelema mabok janda hahaha. tapi watir ketang euy tara tara si eta kitu.
pas kaisukanna teh ku barudak rada di hibur, tapi da bener nyata ketang eta hiburanna ge hehe. rada atoh weh pas poe kamis teh si eta mah. pas poe jum'at teuing kunaon si eta aneh deui euy. skip weh nya poe jum'at mah urg poho euy da urg teu jeung si panjul.
tah bieu poe sabtu sangges wajib militer latihan si jul mawa motor na ngalamun pisan euy matak paur. tah urg teh ngobrol hela jeung eja jeung si ojan di MTC tapi da euy mun parkir leuwih ti 10 menit teuing 5 menit kudu mayar jadi we gera gera balik haha
kisah ieu berlanjut euy. mun poe senen si panjul galau keneh urg nulis deui kisah ieu, tapi mun teu nya sukur wehhh haha tos ah geus peuting ! :)


Sabtu, Januari 29, 2011
Andy Prakoso
1 komentar:
KOMEN NYA DITUNGGU KAWAN!! jangan ke posting yg ini ajah. yang lain juga yah hehehe
Posting Komentar
Ayo Dong Komentar nya ditunggu(satu komentar anda sangat berarti)!! Kalo yg ga punya ID apapun pake Anonymous ajah ;)