Selamat Datang di Blog Kami. Artikel, cerita, dan konten-konten yang lain sudah mendapatkan persetujuan dari pihak yang terkait loh. Oleh karena itu siapapun boleh baca. Selamat menikmati!

Kamis, 21 April 2011

Pangalengan (Situ Cileunca)

Tah ieu carita lanjutan ti anu bieu nyaeta Pangalengan (Gunung Puntang) anu tacan maca mah klik weh hela hehe

Sauih ti Gunung Puntang Arurang teh ngalanjutkeun perjalanan ka situ cileunca wah eta mah jalanna resep pisan euy tukang tikung bolak belok haha ajiiip lah pokonamah :)
Tah caritana mah geus tepi nya di situ cileunca teh biasa weh disambut ku tukang parkir. terus aya anu nawaran parahu kitu lah. tah tiba tiba datang weh jelema aneh dengan tas ransel di punggungnya,topi dan pistol digantungkan di tasnya dan dia sedang meminum sepelastik kopi dan dia tiba tiba membicarakan soal militer. urg pikir jelema waras.

Arurang teh solat weh langsung. tah pas sangges kabeh solat jelema dengan tas rangsel aya deui keur tetembakan euy make pestol cocooan. adeuuh ayeuna urg bisa nyimpulkeun jelema ieu gelo. tapi kalahka diajak ngobrol geura ku barudak teh euy. tapi rame oge ngobrolna, kawas jelema waras hehe. si papih weh nyeletuk "jul, tanyakeun. ari cinta teh naon ?". si jul nanya weh "pa ari cinta teh apa ?" si jalma eta ngajawab "cinta itu dusta belaka" haha (bener oge jero hate urg). terus weh si jelema eta ngacoblak teu pararuguh tungtungnamah ngaku ngaku istana bogor teh boga aki na (hayangna nyaho boga aki urg). ah geus ah nya carita tentang jelema ieu mah.

Yeuh tah potona bilih panasaran. ceuk mnhna eta teh gaya harimau lapar :))


Tah sangges eta teh tukang parahu nawaran deui. patawar tawar welah nya pokona mah, sepakat weh alias deal na dinu Rp.120.000,00- sa parahu (mahi jang kabehan)
eyaaa mulai weh paparahuan. wey aslina ngeunaheuuuun hahaha popotoan weh arurang teh di parahu.
tah pas geus rada lila si parahu teh eureun dinu kebon arben tapi ah geus arareuweuhan arbenna ge -___- parah beuuuud.
paparahuan deui weh nepi akhirna mah kembali deui ka tempat asal..

yeuh aya sababaraha poto na hehe

Spoiler Poto

HOREEE urg bodas euy !
Orang Kabupaten 
SUBHANALLOH :-O hahaha

Rabu, 20 April 2011

Pangalengan (Gunung Puntang)

Assalamualaikum wr wb balad balad sadayana tepang deui sareng abdi hehe
tah ayeuna urg dek nyaritakeun basa turing ka pangalengan poe salasa kamari, okey langsung weeh nya ah 

Tah apan dinu send all mah titah kumpul jam 7 di 8 ari pek teh urg karek hudang jam sakitu hehe (hampura weh nya balad) tah urg indit teh jam 8nan lah ti imah suganteh adek langsung indit eh apekteh nungguan si ketua hela (ekey) karek datang jam satengah 10 -_- indit indit teh sakitar jam sakituan lah. tah tujuan pertama arurang teh ka gunung puntang. Alhamdulillah arurang tepi dengan selamat sakitar jam 11an lah mun teu salah. Langsung weh istirahat hela di warung. ieu yeuh warung na tah 


itu si tampan keur malik ka tukang :))
tah kitu lah kurang leuwih warungna
tah geus cukup istirahat langsung weh arurang teh naek ka luhur. suganteh aya kolam cinta eh kalah manggihan balong saat. tapi alus lah lumayan aya view na aya padang rumput saeutiiiik. 


Mayan Pan ? hehe
Sirik nya hayang di poto didieu ? matakna milu atuh
Eh mun hayang terang mah ieu aya kejadian langka siah aya MAHO best of the best yeuuuh haha


Kalian COCOK !!

Si papih lengket kitu euy kawas parangko. tara tara kitu nya si eta ? biasana mah gagah :))

tah kawas ieu yeuh gagahna 


Tapi Kumaha nya pih euy da angger keneh euy saganteng gantengan mnh ge moal leuwih ganteng ti urg :))


Lanjuttt.....

Tah sangges nempo balong saat teh  arurang langsung naek weh kaluhur neang curug didinya teh debat euy aya anu lempeng aya anu mengkol tapi tungtungna mah anu ditaekan anu mengkol.
tuluy naek weh nya arurang teh wah aslina cape pisan euy tapi terbayar lah capena ku 'pemandangan' yang indah (ulah mikir macem macem siah!!) haha. 


yeuh salah sahiji proses keur naek hehe

aslina kebersamaan arurang teh katempo pisan lah pas naek. bantu membantu, tolong menolong ah pokona mah kitu weh lah. tungtungna mah pas di tengah jalan teh aya portal. jadi weh balik deui kahandap -_- sia sia perjuangan teh euy.


Tah akhirna mah istirahat hela weh dariuk hela keudeung terus ka sungai weh hehehe aslina caina tiis pisan anu ngarana tiis ngajieun suku mati rasa brrrrr.....
yeuh beberapa foto anu keur di sungai 

Spoiler Poto

Ekey Meraih Bintang
Adeuuh ieu duaan wae euy ! urg sirik, iraha urg bisa kieu sama si itu nya ? hahaha




Selasa, 19 April 2011

Kenang Kenangan Akhir TAHUN !!!

Hampuranya balad balad anu dipikacinta tos lami teu nga posting hehe
nyungkeun dihampura ah nya 

langsung weh lah ny aka intina 
yeuh pan arurang teh keudeung deui dek pisah nya bisa wae si itu di dieu urg diditu si eta didinya urg dimana (pisah kelas maksudnamah tapi sukur mun dihijikeun deui mah laah ! amiin ! eh tapi da embung ah urg mah haha )
yuk ah langsung 

tah intina mah kabeh kudu nyumbang poto poto classix adek di luar kelas adek di jero kelas adek di jurang adek di torowongan pokona mah bareng jeung aya anggota classix weh nya. bae sorangan ge lah). pokona mah hiji jelema kudu nyumbang minimalna50 POTO Eujeung Minimal 5 VIDIO eta recomended lewih loba leuwih hade!! diantos nepi akhir bulan Mei embung nyaho kudu aya lamun aya salah sahiji anu kurang atawa teu ngumpulkeun sama sekali ANU TEU NGUMPULKEUN ETA MOAL DIABUSKEUN ngarana atawa sagala rupa tentang mnhna !!

PROTES GOCENG

SEBARKEUN KA SADAYANA NYAAAA. ULAH HILAP KADE !!

More Information
Please Contact

Urang Salaku Penulis
Si Marko (Ojan)
Atawa Ayun (si ieu mah opsi terakhir weh apalpan maraneh si eta kumaha ?? ) hahaha cadaaan semata coy :))

Baleg ah nya kumpulkeun teuing !!

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

 
Design by Fauzan Naufal and Andy Prakoso - Classix 1011 | Sman 8 Bandung