Tah ieu carita lanjutan ti anu bieu nyaeta Pangalengan (Gunung Puntang) anu tacan maca mah klik weh hela hehe
Sauih ti Gunung Puntang Arurang teh ngalanjutkeun perjalanan ka situ cileunca wah eta mah jalanna resep pisan euy tukang tikung bolak belok haha ajiiip lah pokonamah :)
Tah caritana mah geus tepi nya di situ cileunca teh biasa weh disambut ku tukang parkir. terus aya anu nawaran parahu kitu lah. tah tiba tiba datang weh jelema aneh dengan tas ransel di punggungnya,topi dan pistol digantungkan di tasnya dan dia sedang meminum sepelastik kopi dan dia tiba tiba membicarakan soal militer. urg pikir jelema waras.
Arurang teh solat weh langsung. tah pas sangges kabeh solat jelema dengan tas rangsel aya deui keur tetembakan euy make pestol cocooan. adeuuh ayeuna urg bisa nyimpulkeun jelema ieu gelo. tapi kalahka diajak ngobrol geura ku barudak teh euy. tapi rame oge ngobrolna, kawas jelema waras hehe. si papih weh nyeletuk "jul, tanyakeun. ari cinta teh naon ?". si jul nanya weh "pa ari cinta teh apa ?" si jalma eta ngajawab "cinta itu dusta belaka" haha (bener oge jero hate urg). terus weh si jelema eta ngacoblak teu pararuguh tungtungnamah ngaku ngaku istana bogor teh boga aki na (hayangna nyaho boga aki urg). ah geus ah nya carita tentang jelema ieu mah.
Yeuh tah potona bilih panasaran. ceuk mnhna eta teh gaya harimau lapar :))
Tah sangges eta teh tukang parahu nawaran deui. patawar tawar welah nya pokona mah, sepakat weh alias deal na dinu Rp.120.000,00- sa parahu (mahi jang kabehan)
eyaaa mulai weh paparahuan. wey aslina ngeunaheuuuun hahaha popotoan weh arurang teh di parahu.
tah pas geus rada lila si parahu teh eureun dinu kebon arben tapi ah geus arareuweuhan arbenna ge -___- parah beuuuud.
paparahuan deui weh nepi akhirna mah kembali deui ka tempat asal..
yeuh aya sababaraha poto na hehe
Spoiler Poto


Kamis, April 21, 2011
Andy Prakoso
3 komentar:
ada yang ketinggalan cerita si kate :))
oh nya hilap ke kalem di update
eta sia mahal urg ceuk si aa kopsis ngan 70rb saparahu kuduna
Posting Komentar
Ayo Dong Komentar nya ditunggu(satu komentar anda sangat berarti)!! Kalo yg ga punya ID apapun pake Anonymous ajah ;)